*I'm Sorry to Leave You*: What My Family Should Know Incase of Emergency ~ DNR, Estate Info, F

*I'm Sorry to Leave You*: What My Family Should Know Incase of Emergency ~ DNR, Estate Info, F

Showing posts with label b_indonesia. Show all posts
Showing posts with label b_indonesia. Show all posts

B. Indonesia Tolong terjemahkan ke bahasa Indonesia!

Nempo sakadang Kuya dikurungan ku Aki ра Pangebon, sakadang Monyét nyampeurkeun. Ti dituna mah rék mupuas. Bongan sakadang Kuya méakeun cau. Tapi manéhna kagét nyampak téh Kuya keurigel-igelan, semu nu atoh pisan. Tuluy S sakadang Monyét nanya ka sakadang Kuya, "Ku d naon meni atoh-atoh teuing manéh téh?" "Kumaha rék teu atoh, kuring mah rék M dikawinkeun ka anak Aki Pangebon. Naha manéh can nyaho? Indungna ayeuna keur ka 1 pasar balanja keur hajat." Tuluy sakadang Monyét mikir. Otak licikna mimiti digawé. Pok ngomong kieu ka sakadang Kuya, "Kumaha mun ku déwék dihilian euy? Manéh kaluar urang rék asup kana kurungan?” "Ah embung! Engké manéh geus dikawinkeun ka anak Aki Pangebon, manéh poho ka urang," ceuk sakadang Kuya bari terus igel-igelan. "Is moal atuh, sanajan geus jadi minantu Aki Pangebon ogé!" "Heug atuh ari kitu mah, asal kuring anteurkeun heula ka leuwi!" Kacaritakeun sakadang Kuya geus dialungkeun ka wahangan, tuluy sakadang Monyét asup kana kurungan. Teu lila, Aki Pangebon datang bari ngagorowok ka pamajikannana, "Pamajikan, geura peuncit kuya anu dikurungan téh, ari geus aya samarana mah!" Ngadéngé kitu, sakadang Monyét reuwas, awakna ngeleper bawaning ku sieun. Tuluy sakadang Monyét papaéhan. Barang kurung dibuka, Aki Pangebon héraneun. Naha kuya jadi monyét? Geus paéh deuih! Tuluy sakadang Monyét dialungkeun ka jarian. Ari gubrag téh, sakadang Monyét beretek lumpat.​